Biantara

Assalamu'alaikum wr.wb
Siapa yang suka bingung kalau disuruh membuat pidato basa sunda? Hayoo siapa? Ya udah deh kita nyontek buatanku yuuu.
#Cekidottt



Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Innal hamdalillah nahmaduhu wanasta’inuhu wanaudzubillahi min syururi anfusina wamin syayyiati a’malina. Asyhadu alla ilaha illallah wa asyhadu anna muhammadan abduhu warasuluh.
Ibu guru anu dipihormat sareng sadaya rerencangan anu dipikacinta.                                                                                                           
Langkung tipayun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparinan sagala kanikmatan, naha nikmat lahir atanapi nikmat batin.Sholawat sarta salam mugia urang curahkeun ka jungjungan urang sadaya nyaeta Nabi Besar Muhammad SAW.

Ikhwan ikhwatun anu dimulyakeun ku Allah
Dina ieu waktos abdi bade ngadugikeun biantara tentang “NUNTUT ELMU”. Nabi Muhammad Saw Bersabda : “Tolabul ilmi faridotun ‘ala kulli muslimin wal muslimat minal mahdi illal lahdi “
Anu hartina : “Nuntut elmu teh wajib kangge sakabeh umat islam, ti mimiti dina gendongan nepi ka asup liang lahat”
Bakating ku pentingna elmu kanggo kahirupan urang sadaya .Mangka Rasullullah Saw ngawajibkeun ka sakabeh umat kanggo nyiar elmu ti mimiti lahir nepi ka asup liang lahat.

Ikhwan Ikhwatun
Terang domba?
Biasana domba osok nutur-nutur domba anu lainna. Teu peduli eta domba bener atanapi salah. Bahkan lamun aya domba anu tikosewad ka jurang, domba-domba nu lainna milu asup ka jurang. Tah eta teh gambaran jalmi anu bodo.
Jalmi bodo teh sapertos kebul anu katiup ku angin (teu gaduh pendirian). Angin lumpat ka wetan ngilu ka wetan. Angin lumpat ka kulon ngilu ka kulon.                                                                                                Leres teu?
Allah parantos ngajangjikeun bakal ngangkat darajat jalmi-jalmi anu berelmu.

Tah sakitu biantara ti sim kuring. Moga aya manpaatna. Hapunten bilih aya kalepatan.
Wabillahi taufik wal hidayah
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.


Gimana masih bingung juga? Atau langsung nyontek aja? hehhhehehe
Semoga bermanfaat
Wassalamu'alaikum wr.wb

0 komentar:



Posting Komentar